“Geura jung atuh rék digadag mah, lain kalah ka ngalulungkut!”

“Mangké heula, sidik aing téh baruruten kénéh. Abong biwir teu diwengku!”

“Kéjo geus haneut, deungeunna geus diasakan, rék naon deui?”

“Aéh-aéh, na ka salaki téh, mani poporongos kitu?”

“Kaluman wé nénjona. Hudang héés téh lain buru-buru ka tampian. Batur mah geus kamana boa!”

“Kakara ogé jam genep,”

“Ngadagoan beurang mah kaburu horéam mantén. Nu boga sawah ngadagoan meureun. Si Darmita mah rebun-rebun ogé geus ngagiringkeun sapi!”

“Keun baé da Si Éta mah biasana oge sok nyubuh!”

“Enya, kuduna diturutan. Kadé Kang, sapina paraban heula!”

“Apan jukutna ogé geus béak. Kamari ku Si Darmita dieurihkeun kabéh kana pamakanan. Engké baé di sawah rék dibéré jarami!”

“Karunya, Kang. Ti subuh kénéh disada waé. Matak naon mun ngala heula daun cau dua ponggol mah,”

“Beurang mantén. Di mana kéjo téh?”

“Naha kawas di imah batur baé, maké tatanya sagala rupa. Sangu dina gayoran, deungeunna dituruban ayakan!”

“Ayakan urut nyair téa?”

“Nu mana deui atuh,”

“Beu, na ari Si Kénoh, hanyir temen atuh. Jariripen aing mah ngadaharna ogé,”

“Kadé Kang, sibeungeut heula rék dahar téh!”

“Beu, ngahariwangkeun pisan. Geura indit ka dituh, gandéng!”

“Heueuh, da kami mah rék ka Posyandu, budak rada harééng,”

“Sabaraha poé deui, ngahuripan budak téh?”

“Kami ngajuru teh kakara 25 poé. Nya 15 poe deui meureun!”

“Euleuh, geuning lila kénéh?”

“Wayahna wé atuh, Kang, puasa sakeudeung mah. Barina ogé, kami mah hayang di-KB heula, ngarah teu rendey. Tuh, Si Narsih ogé, sakitu ripuhna loba budak mah. Indit heula, Kang, bisi beurang mantén!”

Kénoh ngaléos bari ngais budak. Rasta nguliat. Sarungna diudar, digawingkeun dina sasampayan nu manteng di tengah imah. Bus ka dapur, kurah-koréh kana sangu. Kakara ogé rék am, pamajikanana geus datang deui.

“Aya nu tinggaleun? Masing tarapti atuh, tuh bedog dina bilik, dingkul deukeut hawu,”

“Keur nanahaon bedog, da lain rék ka kebon. Kami mah rék papagah ka Akang!”

“Naha kawas ka budak baé?”

“Kadé Kang, mun balik mideur montong terus sumpang-simpang. Kamari ogé aya béjana, Akang eureun lebah imah Mang Oji!”

“Aéh-aéh, naha eureun-eureun baé mani jadi omong. Naha teu meunang aing reureuh?”

“Béjana Mang Oji téh boga anak awéwé!”

“Keun baé atuh, anak batur ieuh!”

“Béjana mah geus jadi randa. Léngér naker deuih, teu kaop nénjo lalaki, sok alangah-éléngéh. Randa ateul, Kang!”

“Baruk?”

“Tuh, nya, mani curinghak kitu. Mun wani-wani deui eureun di dinya, ku kami moal dipangéjokeun. Tulak panto moal dilaan!”

“Jeun teuing, da aya panto dapur ieuh. Geura jung atuh rék ka Posyandu mah, ulah ngaganggu nu keur dahar!”

“Tarab-turub geus dahar téh, bisi aya ucing garong!”

“Ambuing, abong aya turunan céréwéd sia mah!”

Kénoh ngaléos. Bérés dahar, Rasta turun ka buruan. Kuliwed ka pipir. Palebah pongpok imah ngarandeg. Sajongjongan mah ngajanteng di dinya. Nyérangkeun kandang sapi anu siga parongpong.

“Cilaka, sapi aing ngencar!” pokna, gegerendengan sorangan. “Paingan teu kadéngé sorana. Beu, na aya-aya baé, boa-boa aya nu maling?”

Rasta ngadeukeutan kandang sapi. Hég ditelek-telek. Enya baé, sapi nu ngan hiji-hijina téh geus euweuh ti kandangna. Ukur manggihan hayam wé, keur ngoréhan jarami garing sésa parab. Dina pamakanan lingih, euweuh jukut. Teg baé, boa sapina téh ngencar, pédah hayang baranghakan.

Rasta terus mariksa kandang. Katémbong palangna aya nu rujad. Sigana mah diséréd ku tandukna. Malum palang tina awi ngora atuh, kurang weweg. Ongkoh henteu pati pageuh deuih nalianana, da apan sasarina ogé tara nepi ka ngencar.

Basa aya nu ngaliwat nanggung carangka, ku Rasta digeroan.

“Kasim, henteu nénjo sapi?”

“Puguh wé nénjo mah,” cék nu nanggung carangka bari nyelang heula ngécagkeun babawaanana. “Tadi téh rebun-rebun geus digiringkeun ku Si Darmita. Teuing rék dibawa ka mana!”

“Heueuh, da sapi nu manéhna éta mah!”

“Ari kitu sapi nu mana?”

“Sapi kuring, Si Danten téa. Subuh mah aya kénéh, da cék Si Kénoh kadéngé sorana. Ari bieu ditéang, geus euweuh buntut-buntutna acan!”

“Naha atuh, lain sasarina ogé sok dibaturan saré?”

“Lain kalah ka ngabojég, Sim. Ieu mah dines deuleu, sapi déwék leungit!”

“Teuing atuh!” walon Kasim bari nanggung deui carangka.

Puguh baé Rasta beuki geumpeur. Ari harga sapi téa, apan aya jutana. Mangkaning nu nitah mideur bakal geus ngadagoan. Mangkaning garu jeung wuluku rék dibawa ku manéhna.

“Si Darmita deuih, mani euweuh néang. Kawas lain ka batur digawé baé!” Rasta kutuk gendeng.

Keur kitu, katémbong rentang-rengtang aya nu ngadigleu. Lalaki jangkung gedé, nyorén pasrén, kumisna mani centang, beungeutna beureum siga nu keuheul.

“Bah Wirya! Rék kamana?” Rasta gegeroan.

“Rék ka silaing puguh!” cék Bah Wirya rada teugeug. “Sapi silaing kitu, anu ngencar téh?”

“Enya, Bah, di mana ayeuna?”

“Tuh, nya, teu jauh tina sangkaan. Paingan bangor naker, léngér, ari silaing nu gablegna mah!” kumis Bah Wirya beuki centang.

“Cik atuh, Bah, ari sapi mah tong disebut léngér. Enya éta ogé, sapi kuring kakara beger, tapi asa pamohalan ari bogoheun ka Abah mah!”

“Nyao siah! Montong diangon baé atuh sapi téh, teu kaparaban meureun, nya?”

“Aéh-aéh, lain diangon, Bah. Kabur ti kandang!”

“Déwék mah teu hayang apal. Rék ngencar, rék kabur, kumaha karep. Ngan éta sapi geus ngaruksak pepelakan. Jagong kakara mongkok diranjah, dihakanan daunna. Déwék ogé boga sapi aya tiluna, tara diabur kitu, tara sina ngencar!”

“Ngaranna ogé sapi atuh, Bah. Teu boga pipikiran!”

“Heueuh ari sapi mah, ngan ngukutna wé atuh, kudu boga cedo. Yeuh, Rasta, éta jagong téh geus dijual ka Mang Dohing. Duitna geus dipaké meuli kamprét jeung padudan. Kari-kari ayeuna jagongna diruksak sapi, aya bahan bolay jual-beuli téh. Gantian siah!”

“Naha bet nyalahkeun kuring, da teu rumasa ngaruksak jagong. Kuduna Abah téh nyarékan sapi!”

“Na ari sia, kawas ka nu burung baé,” Bah Wirya ngagidir. Gap kana pérah bedog.

“Sabar, Bah. Keun urusan jagong mah engké deui. Ari sapi kuring ayeuna di mana?”

“Dibuburak ku déwék!”

“Étah, kalah ka dibuburak, lain pangnéwakeun atuh!”

“Sapi édan kitu kudu ditéwak? Kuriak ngagadil!”

Keur kitu aya deui nu ngurunyung.

“Rasta! Upahan siah budak déwék,” cék Kang Obay. “Sapi silaing asup ka dapur, budak déwék nepi ka ngalenggerek,”

Jol hiji deui.

“Lamun henteu digantian ayeuna kénéh, kajeun galungan aing mah!” cék Mang Dohing. “Geura Bah, rék teu asa diteungteuingan kumaha. Kuring téh rék ngiangkeun daun kangkung ka pasar, ditunda diburuan, da kitu sasarina ogé. Pira diselang heula madang, teu kanyahoan geus ludes dihakan sapi,”

“Atuda loba gijina meunang kangkung mah, Jang!” cék Bah Wirya.

“Si Juhri deuih anu cilaka téh. Keur ngala gedang, tarajéna didupak sapi. Atuh puguh, nepi ka ngajuralit kana kamalir. Sakeudeung deui ogé mawa bedog geura!”

“Aya naon ieu téh, ujug-ujug narapsu baé?” Rasta katémbong geumpeur.

“Na ari sia Rasta, can ngarti kénéh? Sapi silaing ngencar, ngagujrudkeun urang lembur!” cék Bah Wirya satengah gogorowokan.

Cacak mun henteu buru-buru diriungkeun ku Pa Érté mah, teuing kumaha kajadianana.

Buritna, sapi téh can kapanggih baé. Puguh atuh Kénoh nepi ka garo singsat.

“Gancang téangan, manéhna! Bisi ngaruksak kebon batur!”

“Eudeuk atuh!”

“Étah geuning kalah ka diuk dina bangbarung, hayang nongtot jodo?”

“Kamana néanganana?”

“Teu nyaho kami mah. Papaykeun ka urang lembur!”

Sanggeus ngajéwang sarung mah, léos Rasta indit. Tapi nepi ka tengah peuting can balik baé. Kénoh mani geus lengo deui-lengo deui. Tungtungna mah dug saré, najan bari hariwang ogé.

Isukna, rebun-rebun kénéh, basa Kénoh rék ka tampian, kadénge di buruan aya nu gegerendengan.

“Sing bageur, Danten, ulah ngider waé. Aing apan nu riweuhna mah. Enya, aing ogé apal, sia téh keur begér. Tapi sabar wé atuh, engké oge aya waktuna,”

“Aéh-aéh, naha Kang Rasta bet ngomong jeung sapi. Kawas jelema sédéng bae!” Kénoh ngagerendeng. “Enya, sabar sakeudeung mah, pira ogé 14 poé deui!”

Rasta ngalieuk.

“Naha mani sapeupeuting?” cék Kénoh.

“Euh … apan kapanggihna ogé bieu!”

“Ti mana?”

“Euh … apan ti sawah. Sigana mah teu kuat hayang magawé,”

“Sukur ari kapanggih mah. Geus diparaban?”

“Enggeus meureun …”

“Naha bet meureun, apan ku Akang kapanggihna ogé, lin?”

Rasta teu nembalan. Sapi dicangcang di buruan. Bus ka imah, rap maké kamprét paranti ka sawah. Teu lila geus kaluar deui. Wuluku nu nyarandé kana bilik dipanggul.

“Rék ka mana deui?” Kénoh kerung.

“Rék mideur. Apan kamari mah teu tulus!”

“Ké atuh, urang ngéjo heula!”

“Apan … eng…” nyaritana teu kebat.

“Enggeus di mana?”

“Di tukang surabi!”

Rasta terus nungtun sapi, indit bangun rurusuhan. Kénoh tibang gogodeg.

Datang ka sawah, kasampak Si Darmita keur diuk dina galeng bari udud. Mani curinghak basa nangénan Rasta ngiringkeun sapi téh.

“Sabaraha kotak deui pigawéeun téh? Bakal anggeus poé ieu?” cék Rasta. Wuluku diécagkeun, ari sapi sina nyatuan.

“Dua kotak deui. Anggeus poé ieu ogé, mun loba nu maculna mah. Lain, kumaha lalakon sapi ngencar téh?”

“Heuheuy deuh, hayang seuri déwék mah!”

“Ulah waka seuri di dieu, naon pikaseurianana barina ogé. Prak geura ngadongéng, meungpeung isuk kénéh!”

“Silaing moal bébéja ka sasaha?”

“Aéh-aéh, kawas rusiah baé. Apan salembur geus guyur, geus pada apal kana kajadianana,”

“Enya moal bébéja ka sasaha?”

“Enya atuh!”

“Ka Si Kénoh moal dibéjakeun?”

“Moal,”

“Kieu, euy …” Rasta luak-lieuk heula. “Tina kajadian sapi ngencar téh, déwék mah maké ngalaman saré di imah randa!”

“Kutan?”

“Enya, Nyi Lilis budak Mang Oji téa. Silaing apal meureun?”

“Puguh baé apal mah. Apan Bah Wirya oge unggal soré ngahéroan, sakitu geus boga incu téh. Sebel aing mah!”

“Ké, ké, ulah waka ambek ka Bah Wirya!”

“Teu ngeunah atuda, mani teu ngagéhan budak ngora. Aéh, apan basa mangkukna urang eureun lebah imah Mang Oji, Nyi Randa téh siga kulat-kelét geuning!”

“Taktagé. Kieu lalakonna mah. Sanggeus diuruskeun ku Pa Érté, buritna déwék néangan sapi. Jam tujuh peuting kakara kapanggih raratanana. Manahoréng diampihan ku Mang Oji. Karunya cénah ka nu bogana, bisi néangan. Sapi téh sina meuting, da kabeneran Mang Oji boga kandang kosong …”

“Terus kumaha?”

“Teu panggih jeung Mang Oji mah, da bada magrib ogé geus indit, rék mondok di nu gering, di lembur Ciseureuh. Tadi kuring rék ngahunukeun, cacak mun teu dirawatan ku manéhna mah, geus ka mana boa. Kapaksa baé déwék nepungan Nyi Lilis. Naha atuh, tina rék nyokot sapi téh kalah ka uplek ngobrol nepi ka peuting. Basa rék balik, ku Nyi Lilis dicaram, magarkeun téh keueung euweuh batur. Apal sorangan meureun, Nyi Lilis mah borangan pisan. Nya kapaksa wé déwék téh, ngadon heuheuy … saré. Isukna rebun-rebun geus disampakkeun kéjo haneut jeung deungeunna. Puguh atuh, sapi kabawa, beuteung seubeuh, saré tibra …”

“Nu bener, Rasta?”

“Naha iraha déwék ngabohong. Tanyakeun wé ka jinisna teu percaya mah. Ngan omat, ieu béja ulah nepi ka Si Kénoh. Aya bahan moal dipangéjokeun Si Éta apaleun mah!”

Sakedapan Darmita ngahuleng, siga aya nu dipikiran.

Dua poé ti harita. Pabuburit, Rasta geus ngajanteng deukeut kandang Si Danten. Ceg kana palang kandang, talina dilaan.

“Sia apal kénéh jalanna, Danten?” pokna, kawas ka jelema baé.

Tapi kakara ogé rék nyekelan tambang, ti lebah jalan kadéngé sora nu patinggorowok. Berebet Rasta ka buruan.

“Aya naon euy?”

“Sapi Si Darmita ngencar!” cék anu di jalan.

“Iraha?”

“Cikénéh. Lain nu Si Darmita wungkul kétang, béjana nu Bah Wirya jeung nu Si Obay ogé areuweuh ti kandang. Kadé ati-ati Rasta, sigana ayeuna mah keur usum bangsat sapi!”

“Naha bet ngalencar, nya?” Rasta kerung.

“Kateuing atuh, teu apal déwék mah!”

Keur kitu, Aki Dasmin nyampeurkeun, kundang iteuk, leumpangna rarampéolan.

“Sujang, henteu nénjo sapi aki?”

“Baruk? Sapi Aki ogé ngencar?”

“Puguh baé atuh, da di … aéh … ngencar. Mudah-mudahan wé léosna ka kidulkeun, da cénah alamatna di beulah kidul!”

Rasta ngahuleng.

“Aya naon, Kang?” Kénoh ngelol ti lawang, bari ngais orok.

“Sapi Si Darmita ngencar!”

“Boa nu urang ogé ngencar deui?”

Rasta asa kaingetan. Berebet ka pipir. Enya baé, Si Danten téh geus euweuh di kandangna.