BEDUG mah geus papada terang. Sabangsaning dogdog, ngan ukuranana leuwih gedé. Diteundeunna di tajug atawa di masigit. Sok dipaké ngiberan waktu solat, ngabéjaan datangna bulan puasa, atawa ditabeuh sapeupeuting dina maleman lebaran. Baheula mah cenah bedug téh ngan aya di kota kacamatan atawa kawadanaan, da di pilemburan mah can aya masigit. Atuh nu nakolna gé teu sagawayah deuih, aya tukangna, merebot téa.

Ka dieunakeun, saprak aya sepéker toa, bedug téh langka dipaké, pangpangna di kota. Paling raména téh mun maleman lebaran, dipaké mirig nu keur takbiran. Komo apan ayeuna mah, henteu sakur masigit bogaeun bedug.

Bedug téh kungsi deukeut jeung hirup-kumbuh balaréa, sahenteuna dipaké keur nuduhkeun waktu. Bedug lohor, upamana, pikeun nuduhkeun wanci tengah poé. Bulan puasa, apan nu sok ditarungguan téh bedug magrib, minangka tangara waktuna buka puasa. Aya deui istilah “ngabedug”, buburuh digawé nu waktuna ngan nepi ka wanci lohor.

Ari paribasa “ngomong sabedug sakali” sok dipaké ngagambarkeun jalma nu carang takol, langka nyarita. Aya deui “jauh ka bedug anggang ka dulag”, sebutan keur jalma dusun urang kampung nu dianggap taya kanyaho.

Lian ti “jauh ka bedug”, dina basa Sunda aya sawatara idiom jeung paribasa nu ngagambarkeun kateunyaho jeung karipuh urang lembur. Upamana, aya istilah “urang kampung bau lisung”, “jalma dusun meledug”, “bulu taneuh”, “kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran”, “kokoro nyoso malarat rosa”, jsté. Malah remen pisan urang lembur jadi objék nu dipaké bahan guguyon, diseungseurikeun lantaran boloho jeung taya kanyaho. Geura wé, dina pilem atawa sinétron, urang Sunda (nu ti pilemburan) statusna téh tara leuwih ti bujang atawa babu, dibarengan ku paripolahna nu ngagambarkeun jalma “jauh ka bedug” téa.

Ngabéda-bédakeun jalma dumasar kana bodo-pinter, sangsara-beunghar, apan geus aya ti baheulana. Jaman cacah-ménak, nembrak pisan bédana status sosial téh, lain baé tina paripolah, tapi tina basa deuih. Cék nu teu satuju kana undak-usuk basa, apan di antara alesanana téh lantaran undak-usuk ngabéda-bédakeun kalungguhan sosial.

Dina hirup-kumbuh, ningkatkeun kalungguhan sosial téh sok dipaké udagan, bisa jadi sangkan henteu disebut “jauh ka bedug” teuing. Pan aya istilah “geus jadi jelema”, nu hartina geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Tapi jalma nu ngarasa “geus jadi jelema” téh sakapeung sok nganggap dirina geus aya di luareun kahirupan saméméhna. Teu kurang-kurang urang lembur nu boga milik terus jeneng di kota. Manéhna pamohalan daék disebut “urang kampung bau lisung”, da ngarasa geus béda kalungguhan téa.

Dina basa mah, sual diskriminasi téh mémang geus lumbrah. Mun aya nu “beurat beunghar”, aya deui “kokoro nyoso”. Tapi dina kahirupan sapopoé gé diskriminasi téh nembrak pisan deuih, pangpangna keur méré wates nu “nyaho” jeung “teu nyaho”, atawa nu “boga” jeung “teu boga”. Ajaran Islam mahing pisan ngabéda-bédakeun jalma maké ukuran status sosial téh.

Mun maké harti saujratna, sigana istilah “jauh ka bedug” téh ayeuna mah geus kurang merenah. Baheula bedug téh ngan aya di kota, ari ayeuna mah sabalikna. Da asa tara kaparengkeun di kota ngadéngé sora bedug lohor. Dina aya jugrugna gé, boa ngan dipaké papaés wungkul. Ari di lembur, di sawatara masjid, bedug téh dipaké kénéh.

“Jauh ka bedug”, boa ayeuna mah leuwih merenah keur ngagambarkeun jalma nu tara daék indit ka masjid, atawa nu kalékéd ngalaksanakeun ibadah. Ari bulan puasa téh kasempetan keur umat Islam ngaronjatkeun ibadah jeung amalan, da puguh bulan nu pinuh ku barokah. Kasempetan deuih ngarah leuwih “deukeut ka bedug”.***